urang tembang diajar ngahaleuang
lagu pupuh aya tujuh welas
urang tataan urang apalkeun
kumaha laguna kumaha dangdingna
pupuh kinanti jeung pupuh sinom
asmarandana jeung dangdanggula
mijil pangkur durma jeung gurisa
gambuh ladrang lambang maskumambang
balakbak magatru pucung
wirangrong jeung juru demung
urang tembang diajar ngahaleuang
lagupupuh aya tujuh welas
lagu-laguna dangding-dangdingna
haleuang tembangna kabeh kudu bisa